ALAT, BAHAN, SARENG CARA NGADAMEL



Alat sareng bahan

Alat: 

1. Panci

2. Katél/téplon

3. Susuk

4. Kompor

5. Piring


Bahan

1. Peuyeum

2. Kalapa parud

3. Gula beureum sacukupna

4. Mantéga

5. Cai asak

6. Santen 250ml

7. Uyah


Cara ngadamel:

A. Cara ngadamel entén-entén

1. Siapkeun alat jeung bahan.

2. Siksik gula beureum.

3. Tuluy asupkeun kana panci.

4. Caian sakedik.

5. Hurungkeun kompor, seuneuna alitan.

6. Gulah galéh gula, sabari nyicikeun santen sareng sakedik uyah.

7. Gulah galéh deui nepi ka cair lantis.

8. Lamun tos lantis, asupkeun kalapa parud tuluy gulah galéh deui nepi ka lantis. 

9. Tos kitu, pareuman kompor. 


B. Cara ngadamel beuleum peuyeum

1. Potongan peuyeum, ukuranna kumaha kahoyong.

1. Simpen katél/téplon dina kompor.

2. Hurungkeun kompor, tur seuneuna alitan.

3. Oléskeun matéga kana katél.

4. Tuluy beuleum peuyeum dina éta katél.

5. Antosan dugi ka kacoklatan.

6. Lamun tos kacoklatan, balikeun peuyeum, lakukeun sapertos sateuacana.

7. Angkat beuleum peuyeum, tuluy tata dina piring.

8. Tuangkeun entén-entén ka luhureun beuleum peuyeum.

9. Colénak tiasa disajikeun.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

ASAL USUL SAJARAH

DOKUMENTASI FOTO JEUNG VIDEO